Ngalakonan hirup ti barang gubrag di ieu Kota. Cicing di pasisian, nyaksian leuweung geledegan nepi ka kiwari geus gegek ku pangwangunan. Enya, da tacan lila ieu Kota téh. Karak rék nincak 21 taun, daérahna ogé teu pati gedé jiga tatanggana, ngan teu saeutik ogé masalahna. Tapi keun wé da éta mah dinamika, nu penting teu leungiteun cara jeung ciri, tali paranti. Beuki lila, Mutiara Priangan Timur téh sing beuki katara hurung saiyana mutiara. Tong melempem.
Pangwilujeng kasanggakeun, milangkala Kota Tasikmalaya. Mugia manjing karaharjaaan masarakatna, calageur pamaréntahna. Panuhun, kami masih bisa ngagejrak sanajan alakadarna, ieu mah tamba tibra pasosoré. Cag, baktos Padépokan Seni Giri Hurip.
0 Komentar