Cidra téh teu jejeg sawarsa, waktu maparin anjeun keur kuring. Enya, nu ti anggalna teu dihayang-hayang, teu diembung-embung. Teu wawuh-wawuh acan. Tapi éstuning kawasa anjeun-Na urang dina sakitu poé nu karasa singget, geus digeblangkeun panto batin. Pada-pada dituntadaan tresna. Bagja.
Geuning enya, urang ngan nganjrek wungkul di nu kaliwa-liwat mah, atuh muga waé kiwari urang lana, luyu jeung kahayang sanajan lain sakali pagedruk laku. Ngan da éta mah silih otélan, teu ngandung harti nu saéstu.
Malah apan kalan-kalan mah sok dihajakeun, urang silih jebian sajeroeun katineung. Sabab aya nu teu bisa akon-akon. Enya padungdengan batin urang. Dalah raga ogé teu weléh geugeut dina réma. Pangdelan urang ngan sapada, harita, “Kuring nyaah ka anjeun”. Anteb!
Wilujeng kantun 2023, lalakon hirup dina Maséhi nu pinuh romatika.

0 Komentar