Rumangsang
Cukang nu kungsi dipeuntasan geus aludar paseukna
Liliwatan lain deui tepis wiring atawa jalan satapak
Sasak panjang luhur walungan nu caina ngagulidag kiruh nunggu disorang
Sora tina jero diri sorangan teu anggeus-anggeus
Nitah ngebatkeun léngkah jeung tarékah
Tarajé nangeuh dulang tinandé
2024

0 Komentar