CITRALOKA
Di buruan sawaktu hujan baganti layung
Taneuh lantis mapag ligarna kembang
Aya malati, ros, jeung urang duaan
Anteng ngasuh kageugeut
Nataan deui carita nu geus liwat
Dirékontruksi dina askara langit
Bréh katémbong rupa-rupa adegan:
Lagu haté masih katarumpang cangcaya
Nepi ka mangsa cinta téh pageuh
Diwewegan kayakinan sanajan
Salah saurang geus nyorang pati
Rasa mah langgeng jeroeun sanubari
Hamo udar tina cangreudan jangji suci
Masih di buruan, ngababadé bulan ngempur
Cuang sungsi peuting ieu ku duaan
Leuleumpangan sapanjang jalan panineungan
Cuang halon ngagalindengkeun lagu lawas
Cinta nu moal laas
2024

0 Komentar