Mitembeyan. Kabeneran deuih saméméhna geus ngadumaniskeun kahayang jeung barudak Téater Cagur di UPI Tasik téh. ”Hayu atuh Kang, hoyong produktif Cagur téh!” pok budak nu jadi pupuhuna. Nya hayu ceukéng téh, kajeun naon garapanna mah nu penting cuang prosés wé heula, ngeureuyeuh latihan saminggu sakali mah. Ditepungkeunna ogé sarua ku Kilanceuk Arif Fathur.
Ari program ”Wayang Asup Sakola” geus lila deuih dilenyepan jeung barudak téh. Ngan nya kitu téa kaselang ku itu ieu, meureun ayeuna dikersakeun kudu jadi. Atoh nu aya. Aya sababaraha guru jeung kepala sekolah nu ngajapri ka sim uing téh, rata-rata tumanya masalah waragad. Ari ceuk uing, ieuh salila awak séhat jeung taya halangan mah moal teu datang uing mah, kajeun boborot paribasana. Ulah melang ku urusan eusi beuteung uing, da geus aya nu ngatur. Gusti mah wenang. Dék jauh hayu, dék deukeut nya sukur nu penting uing nepi kalawan salamet, bisa pahareup-hareup jeung barudak.
Aya deui, ”Dupi ieu téh mung ka sakola hungkul atanapi tiasa ka nu sanés Kang?”. Dék pasantrén, sakola non-muslim, panti asuhan, forum, pokona mah nu sakirana bisa diasupan mah kunaon henteu. Geus wayah, wayang kudu nyaliara teu ngan saukur bijil lagu nabeuh hungkul. Dalah mun ngeunteung ka luar negeri mah édun warrr biasa, conto wé di Jepang, keur kumaha waé ogé buku téh napel dina leungeunna, naha kunaon wayang ogé teu kitu? Da sarua bacaeun. Geus kuduna pangwangunan téh lain ti pamaréntah hungkul, ti urang-urang ogé kudu, papada ngawangun karakter utamana keur barudak nu masih panjang lalakon.
Lain ngarasa geus bisa kikieuan téh. Ieu saeutik bagéan tina réalisasi cita-cita kahurun baheula, nu geus ngawakafkeun hirup jeung huripna pikeun ngawangun ieu kasenian. Haréwosna lain ngaliwatan impian atawa hasil sila dina handapeun tangkal nu dianggap sanget, tapi tina kanyataan poékeunna barudak kiwari kana kasenian karuhuna sorangan. Naha dék cicing waé nampa haréwos kitu? Sah-sah waé rék dipigawé ku saha-saha ogé salila mampu mah.
Sok ah, saha waé ti mana waé diantos, waktu masih kénéh lowong. Reugreug. Pamungkas, panuhun sim uing saparakanca ka saha waé nu ngarojong. Muga-muga sing jadi amal nu hadé. Utamana ka dulur-dulur sapajoangan nu tawekal dina jalur seni budaya. Sing saréhat lahir batinna!


0 Komentar