Angin soré marengan léngkah muru buruan Putuinten, imah nu wandana antik tur liuh dikubeng tatangkalan. Enya, Putuinten téh kagungan Pa Wahyu Wibisana, sastrawan Sunda kahot, akademisi, sakaligus budayawan. Di pipir éta imah aya balong leutik, leuit paré, jeung barang-barang heubeul nu katempo antik pisan. Sakurilingna hégar ku tutuwuhan nu ngahaja dipelak pikeun mapaés. Arsitéktur éta imah nandakeun Pa Wahyu micinta kaéndahan jeung resep kana barang-barang antik. Di satukangeun éta wangunan, Pa Wahyu Wibisana katut ibu ramana dikurebkeun, dina wates témbok pasaréan aya tulisan "ragamulang", kecap séjén pikeun nyebutkeun tempat pangbalikan raga nu pangahirna.
Saméméhna geus meunang izin ti Bu dr. Gemah Nuripah, putrina Pa Wahyu, pikeun asup ka jero, dijajap ku Mang Jéjén nu dipercaya ngarawat éta imah. Aya suasana batin nu teu biasa barang panto dibukakeun, sakedapan implengan ngawawaas kersana Pa Wahyu nalika jumeneng, di éta imah, anjeunna marajian tulisan-tulisan nu meureun kungsi ku kuring dibaca. Kacipta ogé mangsa anjeunna nyauran sobat-sobatna, sasama sastrawan, makarya bari gogonjakan di dinya. Deuh, waas! Pa Taufik Faturohman dina salah sahiji video TikTok nerangkeun, Pa Wahyu téh jago pisan nyieun istilah, upamana waé dina méré ngaran wangunan, di antarana gedong kasenian Rumentang Siang di Bandung jeung perkantoran Pemprov Jawa Barat Kerta Mukti, éta ngaranna beunang Pa Wahyu. Kaasup dina méré ngaran ieu wangunan ku Pituinten, cenah éta ngaran nandeskeun yén anjeunna téh asli urang Cisayong, Tasikmalaya.
Jerona éta imah bararesih pisan, aya lukisan-lukisan nu dijieun taun 60-an, malah nu lukisan gedé mah di juru handapna aya seratan Pa Wahyu, di hiji kamar aya puisi nu dipiguraan judulna "Kepada Wahyu Wibisana" karya Pa Saini K.M. nu ditulis taun 2003, ditandatangan di handapna, puisi éta hadiah unggah warsa mendak warsih Pa Wahyu anu ka 68.
Jasa-jasa Pa Wahyu dina sastra jeung seni budaya Sunda kalintang gedéna, ngan ku hanjakal barudak ayeuna geus loba nu teu apal saha ari Wahyu Wibisana. Mugia anjeunna bagja di kalanggengan, ngaliwatan rumpaka lagu, sajak-sajak, jeung karya-karya lianna Pa Wahyu tetep hirup, jadi obor pikeun nonoman nu laleumpang dina jati dirina. Mugia.

0 Komentar