SORA-SORA TI BASISIR


Sabulan ka tukang. Basa keur mancén gawé program ti Kemenparekraf RI di Sindangkerta, Kabupatèn Tasikmalaya. Hiji isuk keur meujeuhna haneut moyan ngadon nganjang ka dapur pengrajin gula kalapa, di basisir pisan laut Sindangkerta. Ngobrol ngalér ngidul, disuguhan lahang jeung gula anyar nyitak, ari ududna gudang garam beureum. Pelem. Sanajan lahang tina kalapa mah rada hambar teu jiga kawung.

Ngobrolkeun ngeunaan hajat laut. Cenah, jampana nu biasana dieusian ku hulu sato, kira-kira ti 2005 nepi ka kiwari geus diganti ku jampana kosong sabab cenah teu sajalan jeung syariat Islam. Biasana di puncak acara hajat laut téh sok digelar wayang golék. Enya, da rata-rata kitu. Minangka ruwatan téa. 

Ari obrolan Si Ibi bari ngasurkeun suluh, nembrakeun kaguligah, mindah bahasan obrolan ”Mung nya kitu Sép, tukang naék kalapa mah bujeng-bujeng ka asuransi jiga nelayan, bantosan naon-naon waé ogé tara aya. Wargi Ibi ogé seueur nu cilaka, malah aya nu dugi ka pupusna tara teuing dipaliré. Bénten sareng nelayan, dianak-emaskeun.” pokna. Ditempas ku tukang nyadap nu keur nyicikeun lahang, ”Mémang kitu pisan Kang, tapi da urang mah teu tiasa kumaha.” pokna.

Ngadéngé éta obrolan, uing nginget rada lila naon nu bisa jadi alat pikeun nepikeun éta obrolan nu minangka aspirasi para pengrajin gula. Nya nu kapikir téh nyieun film dokuménter, ngan nunggu nu sanggup méré waragadna. Sugan laksana. Harita, ampir aya samingguna di Sindangkerta téh, dituluykeun ka Taraju meunang sapoé tuluy balik deui ka Tasik Kota.


Posting Komentar

0 Komentar