Sanggeus sakitu purnama, pareng dipanggihkeun sapanggung deui téh poé Ahad tanggal 11 Désémber 2022 di Padakembang, Kabupatèn Tasikmalaya. Kacida bungahna mun tepung jeung kolot téh, sajaba nembrakeun kasono, loba pulunganeunna. Saméméh nabeuh téh ngobrol heula ngalér-ngidul.
”Pa, inget baheula. Zamanan abdi keur leutik, dibéré kasét bobodoran Bapa ku tatangga, macét-macét ogé disetél wé teu sirikna unggal gék. Ku teu sangka teuing, ayeuna urang ngaréndéng kieu, saenyana mah impénan lawas ieu téh Pa.” kuring aléwoh.
”Éh apan enya, abong kangaranan hirup, manusa téa teu cicing dina hiji martabat komo takdir saha nu apal.” témbal anjeunna.
Da saenyana atuh, sakur-sakur video nabeuh anjeunna nu dikasétkeun, asana hatam kabéh da bakating ku mindeng pisan dilalajoanan.
Béh dituna mah ngobrol téh ngeunaan dinamika kasenian, konsép nabeuh, kagiatan sapopoé, jeung réa-réa deui.

1 Komentar
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus