SHIAM

 

SHIAM 

Satukangeun jagat nu ditangtungan kakayon, nirilik sora gambang, kelentringna dua saron patémbalan dipasieup ku kését sora rebab. Dua, tilu, opat Satria ngagolér témbong sampuritna. Nu hiji sihungna ranggéténg. Catrik keur daria ngukus. Di luar girimis, écés nyuara ngawangun gending sorangan. Dua wirahma ngalagena ngajojoét simpé. Laju janari girimis indit, ngan panayagan nu masih ngimeutan sésa peuting. "Semar ka mana? Dina janturan ogé euweuh!" silih pelong. "Ki Dalang tacan datang, peuting nérélék béak!" salempang. Lalakon peuting éta laas, karaton teu jadi didatangan karaman, di balé sawarga taya pasamoan, gondéwa jeung jamparing Arjuna teu jadi tandang. Dalang nyulusup ka jero kantong Semar. Ngahaminan waktu. Nyinghareupan shiam. ***


PABEUBEURANG AYA BÉNTANG

Awakna gumeter. Léngkahna luak-léok. Sisi jalan, gék dina korsi beusi nu karatan ku waktu. Tanggah. "Aya béntang" neureuy ciduh. Cipanonna murubut teu kaampeuh. Téng téng téng, cirén tengah poé béja ti sora bél garéja. "Jungjunan, kumaha hawa di sawarga poé ayeuna? Naha ngelekeb jiga haté Akang? Ceuk anjeun kudu mampu jembar narima papastén. Akang can mampu." sakitu waktu mawa sakitu ingetan. Harita, saban poé Minggu nganteur nu ibadah ka ieu garéja. Garéja ieu ogé tempat munggaran tepung téh. Kiwari, kembang mata geus ngancik di sawarga. "Aya béntang" dareuda. Béntang ngiceupan, hujan tamplok ti langit kakangen. 


BALUKAR

"Ka mana batur aing?" getih garing nu nalapok nutup pipi kéncana. "Nét, di mana manéh Jenét?" layon nu jumlahna ngaratus pasoléngkrah lir pindang hurang. Bima leungiteun gada, kuku pancanaka semplak leungit cahayana. Peperangan mah punjul, hanjakalna, nu meunang jadi ruhak nu éléh jadi lebu. 


Posting Komentar

0 Komentar