MODERASI DINA KETAK KAAGAMAAN


Abong létah teu tulangan, biwir taya saringan. Saméméh nyokot kacindekan téh, sagoréng-goréngna perelu nyaho heula ti mana mimitina, naon barangna, keur naon pungsina, jeung naon mangpaat katut madaratna. Komo deui mun rék ngahakiman, tangtu perelu apal naon dasar hukumna. Sangkan nalika ditepikeun ka nu lian téh sipatna lain opini pribadi tapi sainyana mangrupa perkara paktual nu bisa dipertanggungjawabkeun.

Sabab keur jalma nu boga pangaruh atawa sahenteu-henteuna pinter mangaruhan batur, naon nu ditepikeun téh tangtu bakal diturut. Komo deui nalika nu narima geus kapiheulaan ku resep, sanajan nu ditepikeun salah tetep bakal digugu. Diheueuhkeun. Mangka keur jalma nu boga ageman, nu iman ka pangéran jeung padoman hirupna nyaéta kitab suci, kudu pisan bisa tarapti dina nepikeun hiji perkara.

Matak geuning geus diwanti-wanti, ari ngaji téh teu cukup saukur hatam tapi kudu mampu mecéh eusina, tutas ka sajeroeun mataholang. Lantaran ari ngaji mah taya lian lintang ti neuleuman perkara lain saukur maca téksna wungkul. Hanjakalna, dina ngaji téh lolobana museur kana téks sacara harfiah, jadi saukur nempo téksna wungkul teu dibarengan ku nempo naon kontéksna. Jadi boga kacindekan naon nu kabaca, éta nu kudu gembleng dipigawé. Harga mati! Malah aya ogé nu sabalikna, nu ngaheulakeun teuing nalar dina ngotéktak harti téks. Antukna kahucuhkeun ku pamikiran sorangan anu salah -- lantaran katumpangan égo sorangan. Mangka pentingna ngaji tarapti, babasaan merenah, paroman mawa hégar keur nu boga ageman mah kitu. Sangkan naon nu dipigawé téh jadi catetan amal hadé. Pangpangna keur jalma-jalma nu tadi, nu boga pangaruh jeung bisa mangaruhan. Nu remen maké mimbar.

Sabab nu dianggap umat mah teu salah-salah teuing jeung teu bisa disalahkeun. Konsépsina, dina starata sosial, umat téh diposisikeun di handap mun ti luhur, di tukang mun ti hareup. Apan umat mah geus mercayakeun, nyuprih élmu téh kanu miboga mimbar. Naon nu ditepikeun dina mimbar pasti digugu.

Tapi sanajan kitu, kadaulatan dina urusan sosial, tetep nu miboga mah umat. Hurungna lampu di imah pamimpin téh alatan aya jatah waragad pikeun mayaranna. Kitu deui sakabéh kabutuhan hirupna geus dijamin, ku umat! Matak pikayungyuneun ari umat mah, sipatna gedé pisan hampura. Malah mun pamimpinna jelas-jelas salah sakapeung mah masih dibéla kénéh ku umat mah. Béda jeung maranéhna, dina lévelna, hampura téh geus jadi barang mahal.

Ari nu ngajamin kahirupan umat saha? Naha geus kungsi kabéjakeun yén umat hirupna kapanggih saréatna gawé-gawé pamimpin? Teu, arang langka pisan. Umat mah éstuning mandiri, teu ngagantungkeun diri kana hasil tarékah pamimpinna. Maranéhna éstuning ngandelkeun kamampuan pribadina. Malah mandar, dina alam kiwari, umat téh tuluy disasaak tanaga jeung pakayana ku rupa-rupa cara.

Enya, kiwari urang téh keur aya dina éra disrupsi anu mana moderasi pikeun nu boga ageman téh diperelukeun pisan. Mangga lenyepan.

Naon atuh hartina moderasi dina kaagamaan téh? Nyaéta sikep dina agama anu sinegertengah, sumedeng, teu kaleuleuwihi, atawa cicing di tengah-tengah. Kecap moderasi dina basa latin miboga harti kasedengan (teu kaleuleuwihi teu kakurangan) atawa pangawasaan diri tina dua sikep éta.

Cindekna, pikeun nu bisa makéna agama naon waé mangrupa jalan nu nepikeun manusa jeung dirina nu sayati. Mubus ka jero. Teu ngan saukur nerap dina cangkang.

Posting Komentar

0 Komentar