Saha nu mampu leumpang bari ngigelan dua pamadegan dina kapamimpinan? Jawa Barat téh provinsi anu rongkah dina sagalana. Mun ditempo katukang, karuhun urang Sunda téh linulih ku pangarti jembar ku pangabisa. Pangpangna miboga cara nu mandiri. Asana, rupa-rupa pola kaélmuan dina sagala aspék geus ditepikeun ka pangeusi jaman kiwari. Ti mimiti cara tatanén, ngolah alam pikeun kabutuhan pangan, ngurus lingkungan sangkan betah dicicingan, ngaropéa tur merenahkeun tata ruang, jeung nu lianna. Dasarna maké kaweruh téologi, astronomi, astrologi, antropologi, katut sosiologi. Ngan meureun baheula mah tacan aya istilah éta, sanajan geus asup kana prak-prakanna. Malah cara-cara nu diajarkeun baheula téh tetep bisa luyu jeung kaayaan jaman, miboga rélevansi. Kamampuan karuhun nganjang ka pagéto.
Sainyana éta téh mangrupa bekel nu kacida pentingna keur pamimpin. Ngan hanjakalna, hésé pisan nu bisa ngamalkeunana, ngalarapkeun dina kawijakan-kawijakan. Sabab nu dipaké dina jaman kiwari hampir kabéh pola ti batur, utamana pola urang kulon. Dina harti, saha nu mampu digawé maké dua pola éta? Sangkan nyaimbang.
Sahenteuna, nyaéta nu geus nyaho jeung ngarti kana rarangkén pamikiran téologi urang Sunda 'papat kalima pancer'. Nu ngabéjaan yén hirup téh mangrupa kamanunggalan; jeung anjeun-Na, jeung saniskara ciptaan-Na. Papat kalima pancer jadi panginditan karakteristik tanah Sunda nu subur makmur, gemah, ripah, répéh, rapih. Nu satuluyna jadi poin-poin pagawéan pikeun pamimpin. Salah sahiji alesan kuat ruksakna tanah Sunda téh alatan lobana kawijakan nu teu maké dasar pamikiran Sunda sorangan, bongan ngadéwakeun teuing pola pamikiran bangsa deungeun nu tangtu teu sakabéhna sapuk jeung kaayaan di urang.
Dina pancén Jawa Barat ka hareup nu teu saeutik, mugia pamikiran pamimpina teu heureut, teu kabablasan mun ngomongkeun sawangan, teu salah mun ngomongkeun sajarah katukang, sinegertengah dina ucap, léngkah, paripolah, sangkan bisa mulangkeun Sunda kana tempatna. Kasucian.

0 Komentar