Karuhun bangsa urang téh geus nyieun jeung migawé rupa-rupa tarékah dina rumawat ka alam tur ngokolakeun ékosistemna. Karancagéan éta taya lian mangrupa produk kasadaran katut undak kapinteran nu hamo bangsa lian mampu nyaruaan, karuhun urang geus aya dina undakan adiluhung jeung paripurna.
Urang Sunda ngabogaan istilah pamali, mangrupa pola pamikiran nu panginditanna tina hukum sebab-akibat. Pamali dina kontéks alam jeung lingkungan nepi ka kiwari masih dicekel pageuh kalawan dijalankeun. Pangpangna ku masarakat adat.
Salah sahiji kelompok anu pengkuh kana pamali nyaéta masarakat Kampung Adat Kuta. Hiji dusun nu perenahna di Désa Karangpaninggal, Kacamatan Tambaksari, Kabupatén Ciamis, Jawa Barat.
Masarakat umum méré jujuluk ka éta tempat minangka 'Kampung Sarébu Pantangan', alatan lobana tetekon atawa aturan anu kudu dijalankeun ku pangeusina, anu mémang geus lumangsung salila ratusan taun. Sakabéh aturan éta dirangkum dina pamali, prakna, dilakonan dina kahirupan sapopoé.
Aya hiji kalimah filosofis nu eusina 'tebing kayuan bambuan, rendah émpangan, rata sawahan rumahan', sakumaha anu dijelaskeun ku Warja, sesepuh Kampung Adat Kuta.
Teu kanyahoan iraha éta kalimah dijieunna, nu jelas, kalimah éta nepi ka kiwari masih jadi padoman hirup masarakat Kampung Adat Kuta, utamana dina perkara nu pakait jeung kalestarian leuweung ogé lingkungan. Basa wawancara jeung merebeja.com sawatara waktu kaliwat, Warja ngajelaskeun harti tina éta kalimah.
Tebing kayuan bambuan mangrupa panyarék yén tebing ulah dibabad tutuwuhanna, lantaran engkéna cai moal aya nu bisa nahan nu antukna ngabalukarkeun longsor. Rendah émpangan mangrupa panitah, mun rék jijieunan balong kudu di tempat nu caina geus sadia, teu kudu ngaratakeun gunung atawa di tempat nu bisa ngaganggu ékosistem lian. Rata sawahan rumahan ogé mangrupa panitah mun rék nyieun sawah atawa imah kudu di tempat anu rata, ulah maksakeun di tempat nu bisa nimbulkeun karuksakan alam. Alatan éta, mun rék ngadegkeun imah, di Kampung Adat Kuta mah teu bisa sagawayah, saméméh nyieun bedemén, sesepuh wajib ningali heula struktur jeung kondisi taneuh, kaasup ngayakeun heula ritual.
Malah ceuk Warja, Kampung Adat Kuta téh palemahan suci, sabab wilayahna teu meunang dipaké pamakaman. Tiap aya masarakat anu tilar, dimakamkeunna di lembur sabeulah. Lain euweuh alesan kunaon bet kitu, ceuk Warja, cindekna sangkan teu ngaruksak alam.
Kampung Adat Kuta ngabogaan leuweung lindung legana kurang leuwih 40 hektare, minangka ku masarakat disebut leuweung karamat. Tempat anu teu meunang pisan diganggu pangeusina lantaran disakralkeun pisan. Maman Sarno salaku kuncén nyebutkeun, mun téa rék ngulampreng asup ka éta leuweung ngan bisa dina waktu-waktu nu geus ditangtukeun nyaéta poe Senén jeung Jumaah, boh keur kapentingan ziarah atawa ngan saukur rék nyokot gambar.
Lian ti éta, ceuk Maman, aya sababaraha aturan nu kudu dijalankeun, diantarana teu meunang maké sapatu atawa sendal, teu meunang miceun, ciciduh, diulahkeun maké perhiasan, jeung ngaruksak naon waé nu aya di leuweung sanajan ngan ukur pangpung tangkal. Maman Sarno salaku kuncén ogé wajib marengan jeung ngagelar ritual.
Di ieu leuweung karamat, urang masih bisa manggih puluhan jinis tangkal nu umurna geus puluhan malah ngaratus taun. Kaasup rupa-rupa jinis satwa liar siga manuk, kera, lutung, monyét, jeung réa-réa deui.
Lastarina éta leuweung teu leupas tina tarékah masarakatna, ngarawat ku cara ngantep, dina harti teu meunang ngaganggu jeung teu meunang nyokot nu lain hak. Suksésna masarakat Kampung Adat Kuta dina ngajaga ieu leuweung lindung, ngabuah panglélér Kalpataru ti Présiden Mégawati Soekarnoputeri dina taun 2003. Saleuwihna, Kampung Adat Kuta geus loba meunang pangajén hususna dina widang lingkungan.

0 Komentar