Undur jaman datang jaman
Nu leungiteun obor jeung minyakna
Samar deuleu jalan hirupna
Pada mumpang wates kalang pikirna
Geunjleung ngaweuhkeun Pajajaran Anyar
Majar geus loba nu manggih ciri
Tapi nu kapanggih ngan cangkang lain siki
Leungit deui ciri nu mandiri
Loba nu néangan Lebak Cawéné najan teu apal sorangeunna
Loba nu nyalukan Budak Angon tapi gorowokna samar kaanginkeun
Loba nu ngadegkeun umbul-umbul tapi ngadon teuing dipupusti
Antukna poho ka wayah komo ngalalakon
Loba nu mandi ku cikahuripan tapi lain ti leuwi Sipatahunan
Loba nu nyeboran handeuleum jeung hanjuang
Tapi ti poé ka poé kalah banget ngagaringan
Pada muru Pajajaran Tengah tapi laleungiteun arah
Kanéron butut teu ieuh dilarapkeun tapi samet dipiara
Cilaka mun satutuluyna euweuh nu kapanggih, kasorang, jeung karasa
Bakal nyangkrung rasa nganjakal jeung giruk
Da bongan néangna sagala ka luar
Teu nempo sakujur tangtungan
Mopohokeun diri sajati
15.5.25

0 Komentar