![]() |
| Life is all about choices. Foto: pinterest/@aregevery |
Mun téa hirup téh bisa bagja ku saukur lamunan, meureun manéhna pisan jelema nu pangbagjana sadunya. Dina saban waktu nu karandapan, eusina teu leuwih ngan pasualan-pasualan nu teu kungsi manggih jalan kaluarna. Alatan kitu, alat pikeun ngupahan diri nu paling matih iwal ti ngurus lamunan; rupa-rupa kabungah bisa kahontal sacara ujug-ujug. Contona, dina kanyataan hirup, manéhna téh gadur pisan ku hutang, boh sacara pribadi ka batur jeung nu tangtu nginjeum duit ka bank. Tah dina lamunan mah, kanyataan éta téh tibalik, justru manéhna nu nginjeum-nginjeumkeun duit ka batur. Lamun dina kanyataan pamajikanna téh teu berséka komo kasebut geulis, da éta wé buukna ogé ngawewegig tara disisiran, huntu karonéng, ari karesepna murak sabangsaning kadaharan lada saperti seblak, baso, cilok goang, jeung sajabana. Tah dina lamunan mah tangtungan jeung laku pamajikanna téh jauh tanah ka langit jeung kanyataanna, awakna lenjang, pasemonna teu weléh liuh matak genah nu nempo, sorana halimpu, kumaha wé awéwé lungguh bari jeung apik. Kitu pisan.
Tapi nu ngaranna kanyataan, mangrupa lalakon pasti dina kahirupan. Teu bisa ditawar. Moal aya hiji jelema nu mampu kaluar tina kanyataan hirupna séwang-séwangan. Tapi lamunan-lamunan nu minuhan eusi sirahna teu ujug-ujug diwangun kitu waé, aya émpirik hirup nu moal bisa dikumbah dina dirina. Lamunan nu sakitu éndahna téh dihenteu-henteu ogé dumasar pangalaman mangsa katukang. Enya, waktu manéhna keur leutik. Katelah pisan di lemburna, indung bapana téh jelema nu lubak-libuk ku harta, hampir di unggal désa sawah sakotak waé mah boga, geus puguh nu di sabudeureun imahna mah, imah gedong, di lemburna, bapana téh jelema nu mimiti boga mobil Corolla, harita sakira taun 1980-an. Naha atuh kunaon hirup manéhna ayeuna bet balangsak? Éstuning ngan boga komprésor angin, banda nu jadi bekel kasabna sapopoé. Ragragna darajat hirupna dimimitian nalika pamajikanna kakandungan. Da saacan dikawin jeung saméméh kakandungan mah pamajikanna téh teu jiga ayeuna, harita mah teu jauh teuing jeung nu aya dina lamunanna ayeuna.
Dina lajuning rumah tangga, dodoja nu katelah jelema katilu téh asana lain perkara nu langka. Tah éta pisan nu karandapan ku manéhna. Panggih jeung hiji wanoja turunan Kalimantan-Singapura nu hasil meungkeut pageuh ati manéhna. Ari kasabna éta awéwé téh nyaéta pramugari. Da bubuhan harita mah keur mokaha loba harta, jadi naon waé nu dipikahayang ku manéhna pasti kudu laksana, kajeun nepi ka ngorotan kana banda warisanna ogé. Saenyana waé, dina jangka waktu sataun manéhna ngalajur hasrat jeung éta awéwé téh nepi ka ngabalukarkeun harta warisanna ampir-ampiran korédas teu kasésakeun. Nu akhirna béakna panyambung kadunyaan jadi alatan manéhna pikeun babalik pikir yén nu dipilampah salila éta téh mangrupa kabelegugan nu naker. Ku kituna manéhna milih mungkas carita di kamar poék jeung awéwé éta. Ngaliwatan rupa-rupa drama jeung alesan, manéhna milih malikeun deui kapercayaan sapinuhna nu jadi pamajikan. Nya antukna pamajikanna léah manah daék ngahampura sakaligus ngaihlaskeun naon nu geus tumiba ka salakina.
Kalahiran budakna téh teu ilahar jeung kasorang kasakit nu kudu tuluy ditarékahan sangkan cageur. Ku kituna, andelan manéhna ngan jujualan banda warisan nu masih aya, sajaba pikeun ngubaran anakna ogé pikeun nutupan kabutuhan sapopoé. Taun ka taun, kanyataan hirupna jiga ayeuna, kasusahna teu manggih anggeus.
"Sanajan beunghar, nu paling ulah dipopohokeun mah jasa kolot, omat! Euweuh kacaritakeun jelema nu bangkar warah ka kolot, sanajan geus areuweuh dikieuna, hirupna éta jelema nanjung. Kitu tah jimat Amang mah, Jang.." ceuk manéhna, bari nambal ban motor rumaja nu ginding maké jas almamater kampus.
Omongan éta téh kedal sanggeus aya basa-basi saméméhna. Mireng omongan manéhna, éta rumaja ngan ungeuk laun bari panonna mah tuluy nempo layar hapéna. Dina rasa nu sabenerna, omongan éta téh éstuning keur diri manéhanana sorangan. Da naon nu cikénéh ditepikeun minangka ka batur, mangrupa hiji catetan nu abadi dina buku sanubarina. Malah upama diwawaas mah, manéhna téh keur ngawangun deui kalang panineungan ngaliwatan ungkara basa nu disalingkerkeun minangja jadi papatah hirup. Mun téa mah aya panghapusna pikeun éta catetan panineungan, asa moal kawilang sabaraha hargana sabaraha jeung moal dijual di toko samanéa.
"Hanjakal mah pandeuri. Aaah naon atuh da, dunya mah sakeudeung. Heureuy wungkul, teu leuwih!" ayeuna mah euweuh réaksi pisan nu keur maké jasa manéhna téh, kalah cicirihilan jeung hapéna.
Nempo kitu manéhna gogodeg, mun téa dikedalkeun jadi basa mah, "Abong budak, can ngasaan bag-bagan hirup nu sainyana. Lebok tah sakeudeung deui mah!" kitu gerentes haténa.
Tapi manéhna can ngarasa puas sabab nu diharepkeun téh tina éta obrolan hayang jadi lantaran tanyakeuneun ti éta rumaja ka manéhna. Naon waé éta mah, pokona ngeunaan bab kahirupan. Sabab nu dina dirina ayeuna, manéhna téh ngarasa geus lébér ku pangalaman hirup, dipiharep pisan ku manéhna lalakon nu kungsi kaalaman téh bisa jadi pangajaran keur batur. Tapi salila ieu, euweuh pisan jelema nu daék diajar tina pangalaman hirupna. Manéhna bakal ngarasa boga kénéh banda nu gedé ajénna mun téa pangalaman hirupna jadi pieunteungeun batur. Tapi nya kitu, rarajeunan manéhna nyaritakeun naon nu karandapan ka batur, mimindengna ka anu narambal ban, sok jiga tara ngadaréngé. Jiga nu sarangeuk. Padahal minimal manéhna mah butuh didéngé, komo dihaminan mah, manéhna bakal ngarasa dirina téh masih aya komaraan sanajan teu jiga baheula ogé.
Poé éta nu maké jasa manéhna téh ukur tilu jelema, nu dua ngeusi angin jeung nu cikénéh nambal ban. Nepi ka satengah genep burit, duit nu bakal dibawa ka imah téh ngan dua belas rébu, kitu ogé ti isuk jedur manéhna mélaan teu dahar teu udud, éstuning ngan nginum cai hérang wungkul. Tapi da geus biasa kitu, lain sapoé dua poé manéhna nahan lapar téh. Ku kituna mah, kasadaran dina dirina téh geus maneuh yén naon waé perkara nu tumiba éta mangrupa kadar nu kudu ditarimakeun, kaasup pasualan rezeki.
"Meureun poé ieu rezeki nu dialas téh sakieu-kieuna, baé, nu penting aya keur béas satengah kiloeun.." gancang manéhna nutup gebyog kiosna tuluy ngaléos.
Jalan Sewakadarma liliwateun saban indit jeung balik, ngabogaan ajén hirup nu kalintang gedéna pikeun manéhna. Jalan ieu téh teu pati ramé buhan lain utama atuh da. Enya, baheula di dieu, di imah nomer 41 manéhna digumelarkeun ka ieu alam dunya. Sanggeus dijual ka pangusaha urang ibu kota ieu imah téh tacan kungsi dieusian, tapi sanajan kitu kaayaanna tetep bararesih, kitu deui buruanna, da aya jelema deukeut ieu imah nu kapancénan pikeun ngaberesihan unggal minggu. Imahna mah wanda baheula, aristékturna masih kaismeuan zaman Walanda. Kabiasaan keur leutikna, dina mangsa kulawargana keur meumeujeuhna jegud, saban isuk jeung soré manéhna boga kabiasaan nangkring lebah lawang pager dina jojodog, dihuapan ku jenat indungna. Harita, nu aya dina eusi sirahna nyaéta kahirupan mangsa déwasa nu pinuh kaéndahan jeung kasenangan. Enya, éta téh geus laksana kamari. Ayeuna mah lain deui carita, nu aya ngan katunggaraan batin nu teu bisa dibohongan sanajan kasadaran mah aya. Tapi nu ngaranna jelema hamo cicing dina hiji martabat, sakumaha wedelna kasadaran diri, teu weléh aya mangsana hirup kalimpudan ku rupa-rupa romantika nu karandapan. Jiga ayeuna pisan, mangsa pangbeuratna dina jalan hirupna.
Minangka hayang nepungan panineungan, soré éta manéhna ngajengjen di lawang pager nu kungsi jadi tempat pikeun nyambuangkeun gairah hirup, di dinya manéhna nataran deui slide-slide hirup nu geus kaliwatan. Jiga nepungan deui kasayatian dirina.
"Da baheula mah aing téh teu leuyeu, teu rapuh jiga ayeuna.." jol aya kalimah éta nu ngaweuh dina sirahna.
Sakedapan manéhna disampeur rasa reugreug nandangan kanyataan kiwari. Tapi duit dua belas rébu nu dikeukeupeul meunggaskeun deui kapercayaan kana dirina sorangan, katambah rasa rumasa kana lakuna nu ngalarapkeun élmu lilin. Ka batur hayang nyaangan tapi dirina sorangan lééh ku kaayaan. Sabot keur kumelendang dina alam panineungan, tina gang nu teu pati jauh ti imah éta, bijil saurang lalaki tengah tuwuh, leumpang ayem pisan. Dedegna tegep pisan, masih kaciri sésa-sésa kagagahan mangsa ngorana, paromana katémbong hégar pisan. Sabot merhatikeun éta lalaki leumpang, manéhna ngababadé kecap naon bakal dikedalkeun ku éta lalaki mun geus aya di hareupeun manéhna. Tapi manéhna ujug-ujug ngalenyap, haténa nyeblak. Rasa kitu téh kungsi kaalaman sakali, harita basa mimiti amprok jeung nu jadi pamajikanna ayeuna. Kitu pisan. Rasana téh campur aduk. Tagiwur tapi ogé genah.
"Lila di dieu nya hidep téh?" kitu pananya nu mimiti dikedalkeun ku éta lalaki.
"Sumuhun.." témbal manéhna.
"Saha téa ieu téh? Asa nembéan tepang nya? Abdi ngalangkung unggal dinten ka dieu teu acan kantos ningal, atanapi nuju ngalongok tuang putu?" meredel pisan manéhna tumanya.
Gelenyu nu ditanya malédogkeun imut. Gelenyuna matak nyentug kana angen.
"Ulah nanyakeun saha kuring ayeuna, engké ogé bakal kasampeur. Tapi mun téa enya hayang nyaho saha kuring, syaratna teu gampang, kudu daék ngaliwatan hésé jeung capé, kudu mampu ngarawat kasadaran yén hirup téh lain saadegan lalakon tapi lalakon nu éstuning lila jeung pinuh ku rusiah. Naon nu kapilampah kiwari, éta bagéan tina adegan nu sakitu rongkahna. Cik atuh euy, sing bisa nahan diri, ulah ngumbar carita nu patukang tonggong jeung kanyataanna. Apan sidik mana kieu ogé, hidep téh geus gagal nedunan paréntah kolot. Cindekna, geura mulang kana diri nu saenyana, kana hidep nu pinuh kasumangetan hirup, kana hidep nu teu wani buraong jeung pinuh kajujuran, kana hidep nu anti ngumbar kasusah hirup, kana hidep nu tara cangcaya kana poé isuk. Naha atuh éta kabéh ayeuna bet diucutkeun? Ulah, pan éta téh diri hidep pisan. Bral, goong geus ditabeuh, geura tandang sing saged!" manéhna nu ti barang pahareup-hareup teu wani neuteup beungeutna ngan tungkul bari ngusapan leungeun kenca ku leungeun katuhuna.
Kalimah nu dikedalkeun ku éta lalaki meupeuskeun genclang cipanon nu geus teu kaampeuh. Murubut. Sabot ngelapan cipanonna, barang rék ngamuhunkeun kana naon nu ditepikeun, éta lalaki téh geus euweuh. Teu kanyahoan ngilesna. Mun téa mah nuluykeun leumpang rék kaluar ti éta jalan meureun kudu masih katempo. Tapi nyingcetna teu kanyahoan pisan, kur sajorélat dina itungan detik. Antukna, kalimah nu rék dipaké némbalan téh ditepikeun ka dirina sorangan. Sanggeus kitu manéhna ngalaman suasana batin nu teu bisa dicaritakeun, éstuning ngan eusi dirina nu apal. Kaasup lalaki nu cikénéh mamatahan, manéhna geus apal éta saha jeung teu kudu jadi béja ka sasaha, cukup keur dirina sorangan. Nu jelas, ti ayeuna ka hareup, manéhna geus bisa ngahampura dirina sorangan jeung ngarasa saged nyanghareupan poé isuk dina jalan lalakon nu kumaha waé. Wawanén hirup nu teu gampangan geus ngancik dina dirina nu sayati.

Mangkubumi, 8 Désémber 2025

0 Komentar