SLIDE MANGSA KALARUNG

PANGANTEUR

Wilujeng tepang deui di ieu rambatloka. Tilam sono sim kuring ka sakum nu maos ieu seratan. Aya tilu Fiksimini nu dipidangkeun, dua Fikmin diserat sataun katukang, nu hiji deui mah diserat taun 2021. Enya, kawilang anyar kénéh. Fikmin anu dua téh kantos midang di ramatloka.id, nu hiji deui mah kantos dipasanggirikeun di Leuit Sastra Sunda. Wilujeng maos, mugia kagalih.


SLIDE MANGSA KALARUNG

Sahandapeun tangkal balingbing di buruan imahna, katémbong bulan alon katutup méga aleum. Dalimi nyoréangkeun pelong ka jauhna, ka lénglangna pasir nu kasimbutan simpé. Ngan sora nu masih nguniangkeun kanyeri urang lembur, dumalinding sajeroeun dada. Jadi aweuhan. Tengahing pelong, kagambar kénéh, handapeun dapuran awi nu ayeuna ngan kari akarna, seuneu mimiti hurung téh. Kocéak dengék Indung Bapana nu dicangreud. Seneu ngaléntab awakna. Enya, kajadian tilu puluh taun ka tukang, basa lemburna didatangan aparat tuluy diduruk. Nu majar urang lembur jadi sangkaan aliran kominis. Sapoé saméméh éta kajadian, urang lembur ngalaksanakeun muludan bari jeung meuncit munding sagala.

Tasikmalaya, 2022


KAWIH JEUNG WAKTU

Nenggang. Ti sareupna mula, jangkrik nu teuing sabaraha jumlahna mimiti nyada mugurkeun simpé. Aki Mitra mimiti ngajentréngkeun kacapi. Taya deui nu munggaran téh iwal ti kawih ”Bulan Langlayangan Peuting”. Saanggeusna ngawih éta, Aki Mitra ngaregot cai gula kawung nu masih ngebul. Sakeclak, dua keclak cipanonna nyampur jeung cai gula. Sésana nu teu kaitung, disusut ku tungtung kaméjana nu belél, sabot melong sukuna nu gugur ku panasna pélor. Harita.

Tasikmalaya, 2022


OBROLAN RUMAJA TAUN 2500

Di hiji kafé, dua rumaja ngobrolkeun karuhunna baheula.
”Cenah mah, Akina Uyut uing téh pahlawan nu milu bajoang ngalawan penjajah Walanda baheula!” Ceuk nu saurang.
”Enya kitu? Tapi can kungsi aya pidiona dina Tiktok, geuning?”
”Da atuh can aya Tiktok baheula mah, hapé ogé can aya.” Témbalna.
”Ih aingah, kabayang éta tiiseunna dunya harita. Terus ari Uyut jeung Aki manéh tukang naon? Pahlawan ogé nyah?”
”Nya lain atuh, da Uyut jeung Aki uing mah geus teu ngalaman dijajah. Yeuh kitu-kitu gé uyut uing mah baheula Sélébgram. Tah mun Aki mah Yutuber, saskrébna gé nepi ka jutaan.”
”Naha atuh teu dituluykeun ku manéh jadi Yutuber?”
”Ah keur naon, apan ayeuna mah jadi nu kitu téh geus teu digajih ku Yutubna ogé.”
”Heueuh kunaon nya? Da baheula mah gedé gajihna téh.”
”Atuh da meureun pihak Yutubna gé lieureun, beuki dieu beuki loba nu kudu digajih!” Maranéhna seuri babarakatakan.

Tasikmalaya, Novémber 2021


 

Posting Komentar

0 Komentar