SURAT CINTA NU KATILU




SURAT CINTA NU KATILU

Bu Éma geus asup ka kelas, Kéysa gura-giru muka tasna. Kasampak salambar keretas nilep, gap dicokot. Dibuka handapeun méja. "Kamu kudu apal. Sajauh ti Tasik ka Brebes, tah sajauh kitu cinta Déndi ka kamu téh. Ikan Hiu makan busa, Ailopyu Kéysa!" kitu eusi suratna. Kéysa kerung, melong ka tukang, nyéh Déndi seuri. Keretas dibalikeun, bari kucem Kéysa nulis, tuluy dipapaykeun "Gélo sugan kamu téh Déndi? Susut heula éta lého tah!" balesan Kéysa. Keur dibaca, Yayan ngarebut éta surat, "Hahahaha, uyuhan manéh mah atuh da, salésma ogé mumul ngubaran" ceuk Yayan tarik pisan. "Aéh-aéh salésma waé jadi omong, guru geus di hareup, nangtung siah nu duaan!" Bu Éma nyengor. Kéysa nyéréngéh ka Déndi bari ngacungkeun ramo tengah "Puas!" pokna. "Har kalah saruana geuning, milu nangtung Kéysa!" Bu Éma molotot. Saeusi kelas surak "Heup! Sok narangtung kabéh!" antukna sakabéh murid narangtung. "Bisaan manéh mah euy" Yayan ngaharéwos ka Déndi.



LILIS SETIAWATI ALLIAH

Lain Ayu Ting-ting atawa Anya Geraldine, éstuning ngan aya hiji wanoja geulis keureutan kitu. Manéhna. Saban kuring kaluar ti masjid teu weléh malédogkeun imut, najan bari pakupis laladang ogé. "Pecakan atuh" ceuk Si Taryat. Jiga nu énténg, ngan keur kuring mah lain lalawora ngadeukeutan budak Mama Hadi, ajengan kajojo urang lembur nu mun ceramah téh hirup nu lamokot dosa siga kieu asa kasalametkeun ku perkara nu ditepikeunna. Hiji poé diulem salametan ku kulawarga Mama Hadi, kasempetan gedé, cekéng. Rada telat datang téh, gék lebah lawang panto. "Atuh mugia waé ieu pun anak hiji-hijina anu baris ditikahkeun téh aya dina kaséhatan, kasalametan." pok Mama Hadi. Tah ti harita kuring jadi horéam ka masjid téh. 



SESA WAKTU

"Lis, bisi Akang teu balik deui sing iklas nya. Mihapé barudak." pokna teges, Lilis nu diuk na korsi ngan unggeuk. Cetrék, tét térétét tétét! Musik latar pajoangan tina salon tip, nu maké baju loréng, sapatu kulit jangkung, nyorén bedil mimis, ngahormat ka Lilis tuluy nyorowok "Merdékaaaa!" lalaki tengah tuwuh éta lumpat ka rohang tengah. Rerencepan, bedil pindah kana tangkeupan, musik baganti latar tegang "Dérédéd, duarrr!" ceuk manéhna tarik pisan. Nu di tepas noong, gék diuk deui, ngaputan deui, nyéh seuri bari gogodeug. Ngayuh soré, Lilis diuk dina bangbarung, matana nu wening neuteup layung "Alhamdulillah dikersakeun salamet Lis" gék di gigireunna, "Sok sing merdéka Pa.." témbal Lilis.

Posting Komentar

0 Komentar