SABDA BATARA DANGIANG GALUNGGUNG


Ka anak kula nu ngeusi buana
Sing waspada ku robahna zaman,
Sabab bakal loba kakacauan,
Kajahatan, jeung karuksakan

Ulah maranéh tibra dina saré
Geura nyaring, jeung déngékeun sora suci
Sora suci para déwata titah ti nu Maha Suci
Nu ningtrimkeun eusi buana

Silih asihan diantara maranéh
Sabab éta paréntah Sang Hyang Larang

Jaga ucapan manéh sabab sora manéh, ciptaan manéh
Tutur ucap sing leuleuy jeung pinuh kaasih

Anak kula, sora nu leuleuy teu dipikaresep sétan
Jeung teu didahar jurig sarta kagoréngan séjénna

Sora leuleuy nu pinuh kaasih mangrupa awal tina gumelarna jagat kahirupan
"Sora Suci" nu mayungan jagat gedé 
Ngadegkeun jagat gedé jeung dadasar buana

Tutur ucap ku kecap-kecap nu cahayaan
Cahaya para déwata nu teu weléh nyaangan buana

Anak kula, ulah tutur ucap kasar nu manéh sorangan teu kuat ngaraskeunna

Tutur ucap sing jiga rénghap
Diajar tina rénghap nu méré manéh kahirupan

Rénghap teu ngaguruh jiga caah
Jeung teu guntur jiga gelap
Sora suci ukur kaluar tina haté wening nu beresih
Pinuh ku kaasih nu sayati

Sing jadi "manusa suci" nu ucapna teu weléh mawa kaéndahan, kagumbiraan, jeung kabungahan.

Mangka raharja di langit jeung bumi
Anak kula, sing jiga cahaya giwangkara 

Posting Komentar

0 Komentar