DANGIANG MARGA JATI
Aing balik deui pikeun nyorang lalampahan panjang, ditempatkeun dina lakon nu teu gampang — ngemban pancén nu aing sorangan teu nyaho bakal pareng tutas atawa peunggas buku carita. Ngan aing bener-bener miara tékad jeung sumanget juang — mulangkeun deui nu kiwari geus ngancik di tempat nu teu saéstuna, meresihan nu geus lila dikotoran, ngencarkeun nu geus lila dikurung; nyamuni, hampir paéh ngabalé bangké. Mulangkeun rasa nu geus lila disamarkeun, geus teu jadi aweuhan, dipiceun daya kersana.
____
Hirup aing dina mangsa katukang geus loba méré pangajaran, ngeunaan ajén-ajén nu geus pasoléngkrah, teu ajeg dina tatapakan, lantaran kitu dina kahirupan kiwari, aing bakal milu nataan deui. Dina lalakon nu kiwari, geus lain wayah ti saré ka saré ngan mikiran diri sorangan, kiwari wayahna mancén pikeun jagat kahirupan.
____
Sanajan hirup diwengku watesan, aing ngajaga bener tujuan tur panceg luméngkah di ieu jalan. Ieu carita urang, nu keur marulang ka kabuyutan, ngajagana ku kaludeungan. Hayeuyeuk dayeuh miara sarakan. Mun hirup nolak sabanding jeung bangké lasun di jarian, geura asup kana barisan!

0 Komentar